multi info, hiburan, pengetahuan, dan aneka informasi

Puisi Sunda Tentang Alam | Belajar Bahasa Daerah Sunda

Seelumya juga sudah share tentang puisi bahasa sunda untuk agan sekalian belajar bahasa sunda dengan menggunakan sajak atau puisi sunda, Nah Berikut ini bisa silahkan Di simak Puisi Bahasa Sunda  tentang ALAM. Puisi sunda adalah karya sastra yang mempunyai alur kalimat yang tidak seperti kalimat biasa yang digunakan pada bahasa sehari hari. 

Hirup teh cita-cita ngudag-ngudag mangsa jeung rasa Hirup teh tunggara upama tresna kalid sulaya Hirup teh seuneu nu ngaduruk lulurung sukma Hirup teh ibadah rela ihlas ngumawula Hirup teh aci-acining: Bagja!

KALAU uraian diatas adalah Pengertian Puisi Sunda NAh Inilah

Contoh Puisi Sunda Tentang Alam

DI MUMUNGGANG CIKERUH
Etti R.S.

Neuteup padataran tungtung Bandung
bari ngararasakeun hiliwir angin gunung
mayakpak padataran
sacangkewok pasawahan jeung rewuan suhunan
luhureunana langit maleukmeuk
kapulas ku haseup pabrik jadi reueuk

Mana Cicalengka nu cenah titinggal nagri Kendan?
kiwari tinggal heabna jeung pasuliwerna sedan
jalan liliwatan ka nagri Galuh
ngabulungbung mun disorang henteu jauh
jalan liliwatan ka nagri Sunda
ngembat natrat disorang teu matak suda

Neuteup bulistirna tonggong pasir
sabada nohonan salat lohor ahir
tingborelak taneuh beureum
lir gudawangna tatu nu teu eureun-eureun
rajegna tangkal nu maluguran
rabeng kalakay kasorot panonpoe manceran

Mana gumplukna tutuwuhan nu cenah benteng Sumedanglarang?
geuning ukur wangwangan jeung pasolengkrahna regang
lamping nu mindingan Tanjungsari
jadi liliwatan tutumpakan nu balawiri
gunung nu ngalingkung situ Bandung
ngan aya 'na anggitan Papatet Ganjlung

Bandung, Desember 1994

Sumber:http://www.kumpulankaryapuisi.blogspot.com/2010/05/sunda-di-mumunggang-cikeruh.html

No comments:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...

Blog Archive